TILU SATO
Ajag ngomong ka
bancet : “Naha maneh asoy-asoyan bae, mun digawe barangsiar cara batur”.
Wangsulan bancet : “Hih lain teu digawe, puguh kaula teh sieun, krur
diintip-intip bae tuh ku bango, rurupaanana kawas rek neureuy bae ka kaula
teh”.
Ajag malik nanya
ka bango : “Naha silaing bango, goreng-goreng teuing, teu hade kitu ka sasama
mahluk mah”.
Jawab bango:”Teu
pisan-pisan kaula rek nganiaya bancet. Ongkoh sampean anu goreng teh, ti tadi
mula ngunguntit bae ngarah kaula. Didodoho diarah bongohna. Hadena bae kaula
caringcing”
Ajag eraeun
tuluy bae balik.
AJAG JEUNG
ANJING.
Ajag papanggih
jeung anjing di sisi huma. Anjing nanya:“Rek kamana sakadang ajag?“
Jawabna:“Teu,
rek nyaba bae“. Cek anjing:“Tibatan nyaba teu puguh mah anggur urang
nyampeurkeun manusa. Geura manusa mah bageur sok mere kahakanan nu ngareunah“
Omong ajag:“Hayu
atuh dewek milu“
Teu lila jol
paninggaran rek moro ka leuweung. Anjing nyampeurkeun bari kupat kepot malar
dipikarunya. Ku paninggaran dicetrekan bari diheotan. Lung dialungan leumeung
ketan sapotong.
Ajag
nyampeurkeun bari nyanggerengan. Paninggaran gancang nyabut pedang. Barang rek
dikadekeun, ajag ngejat lumpat ka nu bala bari ngomong :“Edas bae, kutan manusa
teh sakti, igana hiji dicabut, rek diteunggeulkeun ka aing. Lamun aing teu
gancang ngejat mah tangtu paeh“.
„Ah ti serek
ayeuna aing moal deui-deui nyampeurkeun bangsa manusa“.
MAUNG, EMBE
JEUNG AJAG
Ajag ngomong ka
embe : „ Bagea sakadang embe, tas ti mana, naon bae nu diseja datang ka kaula
teh?“
Jawab
embe:“Puguh kaula teh keur meunang kasusah banget pisan. Nu kagungan leuweung
geus meunang dua peuting ngulincer bae di pakarangan rek ngarah kaula“.
Jawab ajag : „
Hih tai ceuli teuing sakitu mah. Tah tektek seupah bae sing ngabulaeh. Aing
tuturkeun ayeuna ka tempat maung“.
Pek embe
dipapatahan piomongeunana.
Barang ajag keur
adu hareupan guntreng cacarita jeung maung, embe datang bari cupak capek, sungutna
beureum kawas tas nguyup getih bae.
Cek ajag : „ Aeh
sakadang embe, tas ti mana, kadieu eureun heula“.
Jawab embe :
„Lah puguh tas mumuluk, bieu di lebak manggih maung keur nundutan, gede teh.
Diteunggar ku kaula, ngan sakali pisan, sek bae paek. Tuluy bae dikecrokan
polona, alah aya pulen. Lamun dewek nyaho yen silaing aya di dieu, meureun
dipangjingjingkeun atina. Ayeuna silaing boga eta hiji nya?. Polona bagian
dewek, keur nyeubeuhkeun. Dagingna katut tulang-tulangna mah top bae jang
silaing“
Barang maung
ngadenge omongan embe kitu, ngejat bari ngagaur, sieuneun ku embe, asup ka jero
leuweung.
Ti harita maung
tara ngintip-ngintip deui ka eta embe.
BADAK JEUNG
SAGALA SATO.
Hiji mangsa
sagala sato dina hiji leuweung daratang nepungan peucang,
Cek Peucang :“
He batur-batur naon pikarepeun sampean daratang kabeh ka kaula?“
Jawab sapi kolot
:“ Kieu ujang, kaula teh sabatur-batur nu matak daratang ka dieu rek menta
tulung pangmaehankeun badak, karana kekebonan kaula kabeh ruksak diranjah ku
badak. Geus
sababaraha kali
dicaritakeun tapi teu daek ngagugu bae. Ayeuna kabeh kaula nyanggakeun, sing
karunya bae ka kula jeung ka batur-batur“.
Jawab peucang :
„Keun bae, eta mah kumaha kaula bae“.
Pareng peucang
papanggih jeung badak.
Cek peucang :
„Kiyai, naha kiayi geus ngadangu carios yen maung Raja leuweung ieu rek liren
tina ngasta karajaan. Kaula hayang pisan dirajaan ku kiayi. Pantes pisan mun
jadi raja, aya gagah, sakti, tambah-tambah kaumbang ku dedeganana, geus teu
ningnang jadi raja teh.
Jawab badak : „Atuh
puguh hayang mah. Ngan kumaha piakalaneunana“
Omong peucang :
„Hih gampil, engke wengi urang sarare bae di patapan kuring di gawir Si
Lungkawing,
sugan pinareng aya ilapat nurbuat ragrag ka kiayi“.
Geus peuting dug
ngaredeng di sisi gawir, ari badak beh tengah. Barang geus peuting pisan
peucang pindah lalaunan. Tuluy ngomong lalaunan :“Kiayi, iser ditu, kuring
sieun ragrag, ieu tember pisan!“.
Badak teh teu
rarat reret deui, tuluy ngeser. Ana gurubag teh badak tiguling ka lebak nu
jungkrang pisan, nepi ka hanteuna.
BANGSAT JEUNG
GAMPARAN.
Aya bangsat
maling munding ti urang lembur. Ku manehna dibawa baris dijual ka sejen tempat.
Nu boga nyusul. Ti kajauhan keneh geus katembong, bangsat teh keur nungtun
munding. Nu boga bingungeun kumaha piakaleunana sangkan eta munding kapimilik
deui. Ari rek dipaksa direbut teu wani, turug-turug teu aya batur sahiji.
Tuluy leumpang
gancang motong jalan jajahan, megat pijajalaneun bangsat tea. Sok manehna
neundeun gamparan sabeulah di pijajalaneun bangsat tea. Tidinya manehna
nyumput. Barang bangsat ngaliwat ka dinya, eta gamparan teh dicokot ku bangsat
teh tapi dilesotkeun deui. Tidinya nu boga munding, lumpat maju ka hareup, sok
neundeun gamparan sabeulah deui di tengah jalan. Manehna nyumput deui di nu
bala.
Barang bangsat
nepi ka dinya, tuluy ngarandang nyokot gamparan bari semu mikir. Mundingna
dicangcangkeun kana tangkal kai. Bangsat balik deui ka tukang rek nyokot
gamparan nu tadi dilesotkeun tea.
Sabot bangsat
keur nyokot gamparan, nu boga munding teh gancang nyokot mundingna dibawa
balik, salamet nepi ka imahna.
KIAYI.
Aya hiji kiayi
hayang boga minantu ka tukang macul. Hiji poe datang sudagar nanyaan, tapi teu
ditampa, sabab waktu sasalaman jeung kiayi karasa leungeunna lesang, jadi
katangen yen lain tukang macul.
Sababaraha
jelema nu nanyaan teu ditampa bae, da leungeunna teu karadak. Kadenge ku nu
lolong, yen kitu rahasiahna kiayi, tuluy leungeunna dibalur ku ketan, jung
indit ka kiayi. Datang-datang tuluy sasalaman, cek pikir kiayi : Ah keun bae
lolong-lolong oge da leungeunna mah karadak, tangtu ieu tukang macul.
Cek Kiayi:
„Sampean montong mulang deui, bakal dikawinkeun ayeuna ka anak kaula“.
Isukna minantuna
dititah macul ka sawah, tengah poe pamajikanana nganteuran.
Sudagar nu
nanyaan pangheulana tea, teu ngeunaheun, panas hatena, tuluy nuturkeun ka
sawah. Nu lolong teh diosol sarta dibere duit ku sudagar supaya mikeun
pamajikanana jeung nyingkah ti desa eta. Ari pamajikanana baralik jeung
sudagar, sadatang-datang anakna cacarita ka bapana, nyaritakeun yen salakina
jadi beunta henteu lolong.
Jawab bapana
:“Alhamdulillah nyai, sukur..sukur..!“.
ANAK TUKANG
BOHONG.
Si Salham anak
tukang bohong. Geus kaceluk kamana mendi yen Bapa Salham jelema gede wadul,
gede omong, sumawonna tatangga-tatanggana mah geus teu aya nu percaya
saurang-urang acan kana omong Bapa Salham teh. Lamun aya jelema ngawadul cek
baturna teh “Silaing mah kawas Bapa Salham bae”.
Barudakna ge
salembur eta mah geus nyarahoeun kabeh, nepi ka nelah Si Salham anak tukang
wadul. Sakali mangsa mah Si Salham kacida ngenes atina, dumeh rek milu ulin ku
baturna teu dibawa, pokna:“Montong ulin jeung Si Salham bisi katepaan wadul, da
anak tukang bohong, meureun manehna ge gede bohong”. Tina ngenesna, tuluy balik
ka imahna bari jamedud. Manehna teh ngomong bae di jero atina ku hayang ngabuktikeun
omong batur-baturna, naha enya bapana teh ahli wadul atawa pitenah bae.
Kabeneran barang
datang ka imahna, cek bapana :” Salham isukan mah maneh ulah ulin, urang ngala
suluh ka leuweung”. Walon Si Salham heug, Di jero atina manehna ngomong:” Nya
ayeuna bisa nyelok ka bapa teh”.
Kacaritakeun
isukna isuk-isuk bral arindit ka leuweung, mekel timbel, deungeunna oncom jeung
sambel, da lalabna mah di leuweung ge loba. Ari Si Salham mawa wajit deui hiji
diselapkeun dina calana. Barang nepi ka leuweung, cek Si Salham:”Euleuh,
bapa....itu badak”.
Omong
bapana:”Euleuh heueuh, deuleu itu anakna aya dalapan”. Cek SiSalham:”Mana
bapa?”. Cek bapana deui:” Tuh geuning ka lebak”. Padahal euweuh badak, euweuh
naon-naon.
Si Salham
ngomong di jero atina:” Beu, enya, manahoreng bapa teh tukang wadul. Tidinya
ger maranehna ngala suluh. Kira wanci pecat sawed Bapa Salham jeung anakna
areureun di handapeun tangkal kai rek murak bekelna, ari lalabna mah geus
ngunduh, bongborosan jeung pupucukan, keur bawaeun balik ongkoh sawareh..
Kacaritakeun
deukeut ka dinya aya susukan gede. Sanggeus entep barang daharna, kesang geus
pepes jeung geus reureuh capena, Si Salham ngomong, pokna:” Bapa, kula hayang
mandi heula, cing anteur”. Tuluy Si Salham jeung bapana ka cai. Barang datang
ka cai Si Salham mandi, tapi calanana dipake bae, lep teuleum. Barang bijil
deui tuluy hanjat, pok ngomong ka bapana :”Euleuh bapa, mana horeng di jero cau
teh aya lembur, di dinya aya nu keur kariaan, kaula ge dibawa ngariung, tah ieu
berekatna ngan mawa wajit we hiji”. Walon bapana:”Aeh aeh na enya?. Cing bapa
rek kaditu”. Tuluy Bapa Salham turun ka cai, lep teuleum. Ari susukan teh teu
kira-kira loba batuna, kawantu susukan di pagunungan. Bapa Salham tidadalagor
kana batu, tarangna bancunur. Ari teuleumna mah teu wudu kebel. Tidinya jol
deui bijil, tuluy hanjat.
Cek Si
Salham:”Kunaon bapa tarang baloboran getih?”. Walon bapana:”Har kapan bapa teh
di nu
kariaan
ditanggap menca, diadukeun jeung urang ditu, teu wudu rada ripuh diteunggeulan
tarang, tapi ari nu eleh mah itu, rubuh ku bapa, teu bisa hudang deui”. Omong
Salham:”Na dimana bapa aya nu kariaan?”
“Kapan di ditu
di jero cai”
Cek Si Salham:“
Atuh sameureun bapa, kula ku batur-batur sok disarebut anak tukang wadul nepi
ka btur teh teu daraekeun dipiluan ulin, kula teh kacida nya ngenes ati.
Manhoreng bapa teh lain ka deungeun-deungeun bae ngawadul teh, ka anak ge kitu
we. Ari kitu mah bapa teh lain nyontoan bageur ka anak teh. Cing atuh bapa ulah
kitu“.
Bapa Salham reup
geuneuk ray pias, awahing ku era ku anakna, sarta niat di jero atina rek kapok
moal wadul-wadul deui.
TILU RUPA
PAMÉNTA.
Jaman baheula
aya hiji jalma teuing ku malarat, dahar soré henteu isuk. Ari pakasabannana
buburuh ngangon domba. Sanajan manéhna kacida getolna, henteu mahi baé,
sumawonna cukup keur sapopoé, sabab panghasilanana leutik. Ari buruhannana dina
sabulan téh ukur lima geugeus paré jaba dahar. Demi dununganana jalma beunghar,
tapi teuing ku korét jeung licik, ka pangangon téh ngan minteran baé. Upama
tukang ngangon domba rék indit ngangon, dibekelan téh ngan ukur sangu jeung
uyah sambel, langka pisan dibéré deungeun sangu nu séjén. Lamun keur usum panén,
dibéré paré buruhan téh sok dipangmilihkeun paré nu gambrang pisan. Atuh mun
dijual téh teu sabaraha hargana, teu bisa keur meuli baju nu pangmurahna.
Papakéana geus ruwang rawing pisan, cara jalma nu owah baé. Sakali mangsa
tukang ngangon téh gering nepi ka teu bisa ngangon, ku dununganana teu diurus.
Barang geus cageur sarta keur mamayu, ngan can kaduga ngangon. Ka dununganana
ménta barang dahar teu dibéré da can aya hasil gawéna, nepi ka manéhna jajaluk.
Liwat saking prihatin sarta ngenes di jero haténa. Beurang peuting manéhna
neneda hayang bisa cara deungeun-deungeun, teu kurang ku dahareun, teu kurang
ku pakeeun. Ku tina nyeri haténa, antukna miceun manéh ka leuweung, teu dahar
teu nginum. Barang geus meunang sababaraha poé saré di leuweung hanpaeun
tangkal kai. Ari hudang bet manggih batu gigireunana tilu siki, sagedé-gedé
muncang, baruleud laleucir, kawas batu cao. Teu kira-kira manéhna kagéteunana.
Ngomong di jero haténa :“ Na saha nu neundeun ieu batu téh, da tadi mah
euweuh“. Sabot kitu kadéngé aya sora tan katingalan, pokna : „ Hé jalma miskin,
kusabab manéh sakitu prihatinna, ayeuna paménta manéh dikabulkeun. Manéh
meunang ménta tilu rupa, naon baé karep manéh, Unggal rupa paménta éta batu anu
tilu kudu dialungkuen hiji-hiji“.
Tukang ngangon kacida
atohna, batu dicokot, di kana pesakkeun, bari nyembah acong-acongan, pokna :
„Nuhun Gusti, nuhun..!!“
Ti dinya tuluy
indit rék balik ka lemburna. Sajajalan émut ngaggelenyu seuri sorangan, awahing
ku atoh, bari mikir-mikir rék ménta naon.
Di jero haténa :
“ Hiji aing rék ménta beunghar, dua rék menta jadi raja, sanajan beunghar gé
ari teu boga kakawasaan mah kurang sampurna, katilu rék menta boga loba anak,
sangkan aya nu nuluykeun jadi raja, sarta aya nu ngurus banda pakaya”
Barang datang ka
imahna, manéhna rék nyoba ménta beunghar, tapi cék pikirna leuwih hadé menta
duit baé sing loba, sabab ari ménta munding atawa kuda mah amba, jeung deui ari
geus boga duit mah hayang naon-naon gé tangtu bisa. Tuluy ngodok batu rék
dialungkeun bari ménta téa. Tapi ngomongna kacalétot, maksudna rék menta loba
duit ari pok bet ménta loba ceuli. Barang keleweng téh batu dialungkeun, ngan
reng wé awakna pinuh ku ceuli, kawas tunggul pinuh ku supa lémbér. Atuh manéhna
gogoléran ceurik, awahing ku gila ningali awak sorangan, jeung handeueul
paménta geus mubadir hiji. Sanggeus rada leler, ngomong di jero haténa :” Ah
keun baé teu kudu menta jadi raja, teu kudu loba anak, dapon beunghar baé, ieu
batu nu hiji rék dialungkeun deui, menta supaya ceuli leungit kabéh”. Keleweng batu
dialungkeun. Les baé ceuli nu rimbil téh ngiles, leungit kabeh. Manehna bungah
liwat saking, sarta niat rék ati-ati dina ménta nu katilu supaya ulah kacalétot
deui. Dumadak inget kana ceuli nu dua, nu asalna aya, bet euweuh, kabawa
leungit ku ceuli ciciptaan. Atuh ngan hing deui we ceurik, leuwih tarik batan
tadi, sabab paménta ngan kari hiji deui.
Ngomong di jero
haténa : “Kumaha petana, ayeuna lamun aing ménta beunghar tangtu jadi jelema
tanpa daksa, teu boga ceuli. Lamun tetep ménta ceuli nu asli balik deui,
meureun tetep jadi jalma malarat”.
Tidinya jorojoy
baé aya pikiran nu sampurna, cék atina :” Wah leuwih hadé aing ménta
didatangkeun deui baé dua ceuli nu asli, sabab saur sepuh gé nu utama mah badan
walagri sarta cageur, éta téh leuwih utama batan kabeungharan. Saenyana jalma
nu disebut beunghar téh nyaéta jelema nu narima kana kulak canggeum awakna.
Saperti diri kuring da geus milikna kudu malarat, ari usaha mah da geus
dilakonan. Hanas éta teu boga dahareun jeung pakéeun nya rék ihtiar wé, da anggahota
lengkep, tanaga rosa. Anggur rék néangan deui baé dunungan nu bageur tur haat
ka diri kuring.
Tidinya batu nu
tinggal sasiki téh dialungkeun, ménta ceulina nu asli balik deui sabihari.
Harita kénéh awakna walagri deui.
-------------------------------------------------------------------------------------------------------------
- geugeus : beungkeutan paré kira-kira sagedé bitis budak.
- gambrang : paré loba nu hapana.
- owah : gélo
- jajaluk : baramaén
- batu cao : batu pualam
- amba : rungkang, matak ridu mamawa.
- walagri : séhat, henteu cacat.
- rosa : bedas, kuat.
- kulak canggeum : nasib, milik diri
- gila : rasa teu ngeunah upama ningali barang nu pikageuleuheun
- anggur : anggursi, leuwih hadé, mending gé
- anggahota : bagian awak
- haat : hadé haté
- kasab, pakasaban : pagawean, pangupa jiwa
- korét : pelit, medit
- kaduga : kuat, wani.
0 komentar to "kumpulan dongeng bahasa sunda"





Post a Comment