Pami disebatkeun jalmi munafik mah alim tapi emang eta
kaayaan nana, sigana jalmi soleh mah jalmi munafik. Naha make kitu cing? Ceuk simkuring
mah pami jalmi soleh pasti bakalan ngabohongan diri sorangan tina nafsu anu
nyeleket dina hate :D
Kiyeu we contona, pami nurutkeun kana hate mah pasti hoyong
nyobian anu namina kamaksiatan. Siga istri anu hoyong ngangge acuk nu
boboleklakan, ameh katinggal geulisna. Tapi pami ngabohongan hate mah moal siga
kitu, pasti bakalan nuturkeun kana akal na. Tah kumaha kana urusan asmara? Teu jauh
beda we masalah eta mah, sabelas dua belas pokonamah.
Pami urang nurutkeun kana hate anu sok digulung ku hawa napsu,
urang bakalan dipoekeun kana hal anu bener. Cek salah sahiji jalmi pinter mah
mapatahan kiyeu “memberitahu orang yang sedang jatuh cinta tidak akan berhasil”,
tah bener we kaalaman ku simkuring. Tong
jauh-jauh ngomongkeun batur, ngomongkeun sorangan oge anu puguh-puguh osok
dipoekeun ku hawa napsu.
Ningali anu dipikanyaan jeung batur, sret dina hate teh
jeung pikiran teh hal-hal anu teu bener. Da lamun teu dipikiran dua kali mah
moal bisa ngendalikeun iyeu napsu. Ceuk ulama oge, napsu jelema mah sarua jeung
30 setan. Hiji setan oge ngagoda iman manusa geus sakitu beurat na, komo deui
30 setan. Matak eta napsu sakitu bahayana.
Kumaha carana ngabangbalerkeun jeung ngabongohan hate anu
kagulung ku napsu? Tah salah sahijina teh ku cara ngalakukeun hal anu possitif
jeung teu jadi matak engkena. Contona naon? Nya nulis dina blog siga simkuring,
karasa ku simkuring eta napsu anu ngageugeut hate bisa ngurangan jeung
ngaleungit kusorangan, hnteu disadar-sadar oge bakalan leungit oge. Ngan aya
tapi na! Naon tapi na teh? Nulisna nu hal positif tong negatif kabeh, lamun hal
negatif kabeh bakalan nambahan napsu urang.
Pami jalmi soleh mah kedah gaduh sifat munafik, tapi dina
kayaan tertentu. Teu dina sagala kaayaan kudu munafik. Maksudna dina sagala
kaayaan kumaha? Contona, urang apal iyeu waktuna ibadah tapi urang ngabobodo
diri sorangan. Tah eta anu ulah teh, tapi lamun ngabobodo napsu mah alus. Eta ceuk
simkuring mah, sagala sifat ge aya alusna lamun dipake dina waktu anu tepat
mah.
I yeu mah salah sahiji cara simkuring ngabangbalerkeun napsu,
pami aya nu lepat mh hapunten we :D
Sunday, 29 June 2014
//
kategori
my story
//
0
komentar
//
0 komentar to "Sakali-kali mah kudu munafik"





Post a Comment