Carita Nostalgia (Sunda)

Rek nyaritakeun si “pujaan hati baheula” nu bade nikah ngkin tos lebaran saur nmah. Nya mimitinamah tina BBM eta teh, tpi kaleresan teu nuju ON BBM na jadi weh si mantan teh ngasms ka saya. Ameh teu lieur mah urang sebut we si mantan teh ku panggilan “coklat” sabenernamah rek dipanggil noyse tpi bisi kasinggung, tapi baelah noyse we dipanggilna. Hahaha
Nah neng noyse teh ngasms kiyeu “kakang baca teu BM ti noyse?” tah ceuk saya th hnte da teu nuju ON. Nah tidinya teh mimitina SMSan, cek saya teh “emg ngaBBM naon?” nanya ka neng noyse. Teu dijawab awalnamah, biasa da ari cewe mah ning kitu mengulur-ngulur waktu padahal mah emg hayang ngajawab hehehe

Pek teh ngajawab ahirnamah, kangen cenah. Wah saya teh pan reuwas tah. Tpi da t rewas atoh nya, ngan rewas hungkul :D, tidinya teh nuluy kana ngobrolkeun catatan FB saya nu baheula nu aya sangkut pautna jeung neng noyse. Biasa da ari saya mah sok api-api jaim, ameh rada keren saeutik mah hehehe. Tah neng noyse teh nanya, ari eta catatan anu inisialna “i” teh saha, ceuk saya teh eta mah jang ****** (disensor hampura nya :D).” Okh sugan teh” ngabales SMS na th kitu, wah ceuk saya th iyeu mah pasti cemburu merenan, ngarep eta jang maneh na, padahal mah nya merenan eta th da saya mah jeung poho eta jang saha hehhe,,

Tah ceuk saya teh dijawab kiyeu “sugan teh jang noyse nya? Hehe” pek teh bener we eta neng noyse teh ngarep jang maneh na, ceuk maneh nateh ngajawab kiyeu “jujur we jang noyse nya?” tah saya teh akhirna ngelehan we di enya keun :D. Tah tidinya teh nyaritakeun kajadian baheula, pas saya keur di rumah sakit, ngalongok babaturan deukeut alias solmet saya. Tah baheula teh si neng noyse teh datang ka rumah sakit tapi langsung balik deui, tah harita teh saya bingung kunaon kitu maneh na siga kitu.

Pas ditanyakeun ka maneh na teh pek teh maneh na cemburu ka solmet maneh na anu keur ngobrol jeung saya harita, langsung ceurik cenah pulang tidinya teh :D. Padahal mah harita teh saya jeung maneh na teh teu jadian ngan saukur TTM (teman tapi mesra), tpi siga nu bobogohan we lah kitu hehe,, terus maneh na teh ngucapkeun nuhun ka saya jang kado anu baheula diberekeun ka maneh na pas ulang tahun na, tah bisi hayang apal caritana kumaha eta saya bisa mere kado ka maneh na sok baca dina ~JAIL ROMANTIS~.

Tah tidinya teh geus weh t kontekan deui, ngan saukur nostalgia we hungkul. Da saya ge apal maneh namah ngan kangen hungkul ka saya saacan maneh na nikah. Da ari geus nikah mah moal wani siga kitu, merenan bisa cekcok jeung salaki na lamun geus nikah siga kitu mah hehe.. poko namah cing bahagia we nya jeung sang calon suami, kudu “kacai jadi saleuwi ka darat jadi salogak”. Eta doa ti sang manta pujaan hati :D


0 komentar to "Carita Nostalgia (Sunda)"

Post a Comment

close
close

Fans Page

Followers

Blog Archive