mitoha si kabayan keuheuleun pisan, sabab si kabayan sok
ngalamun wae. di gawe bari ngalamun, dahar bari ngalamun, mandi bari
ngalamun komo di pacilinganmah mani beuki anteng ngalamuna teh…
sakali mangsa si kabayan manggih endog meri, ngagoler dina jarami di
sawah mitohana, si kabayan atoheun pisan, gancang endog meri teh di
bawa kaimah de tembongkeun ka pamajikanana.
“sukur, ka dieu urang kulub, keu si encid (budakna red.)” ceuk pamajikan si kabayan.
“montong” tembal si kabayan, “anggurmah rek di pegarkeun, di pilukeun
kana hayam bapa, nu ayeuna keur nyileungleum” tembal si kabayan. ti
dinya endog teh di teundeun hareupeunnana bari di taksir.
“kumaha akang wae atuh, ngan ayeuna mihape budak, uing rek ngisikan
heula” ceuk pamajikan si kabayan bari ngajinjing boboko rek ngisikan di
pancuran.
si kabayan cingogo di harudum sarung bari nyanghareupan endog. budak
mah di antep wae sina kokorondangan dina palupuh, ari manehna anteng
ngalamun deui, kieu ngalamuna teh….
“endog teh pasti megar, heug bikang, engke pasti ngendog deui.
umpamana wae ngendogna sapuluh terus di pegarkeun deui, megar deui jadi
boga sabelas meri tah, pek kabeh ngendog deui, mun endogna sapuluhan
jadi boga 110 endog, beuki lila meri teh beuki loba. endogna oge pasti
beuki loba. aing rek jadi bandar endog, endog di jualan aing jadi loba
duit. duitna di beulikeun domba bikang. domba na baranahan tepi ka aing
loba domba, dombana di jual kapasar, terus di beulikeun munding sarakit,
munding oge baranahan, aing bakal loba munding… adeuh..huhuy… munding
aing mani rendang di sawah…….”
keur kitu, geprak wae endog si kabayan teh di baledog ku pamajikanana tepi ka peupeus, sihoreng endog teh kacingcalang.
“kabayan, cing atuh kana ngalamun teh mani kamalinaan, tuh tenjo si
encid mani buncunur sirahna tidagor kana tihang, da di antep wae…”
si kabayan kalahka molotot ka pamajikannana.
“kunaon munding aing di ruksak ku maneh..? rasakeun ieu paneunggeul..” ceuk si kabayan bari ngamang-ngamang sapu.
pamajikan si kabayan sieuneun, tuluy lumpat ka imah kolotna, bari
ngais budak. si kabayan ngudag bari angger ngamang-ngmang sapu.
mitohana norojol ti imah, tuluy nanya ka si kabayan.
“ku naon maneh teh kabayan kawas nu teu eling..”
“bongan munding uing di ruksak ku si iteung..”
“na timana maneh boga munding…?”
“pan tina ngajual ladang endog asal na mah..” tembal si kabayan
“bohong ketang, ngalamun wungkul, barina ge endogna kacingcalang..” si iteung nambalang
“euh kitu..” ceuk mitoha si kabayan..” paingan atuh kebon aing, mani
ledug di ranjah munding, ari maneh boga munding mah, hayoh gantian, mun
teu di gantian di laporkeun ka pulisi..”
“ampun pa..” ceuk si kabayan ” abdimah teu gaduh bulu-buluna acan
munding teh, eta mah lalamunan. hayu iteung urang balik..” si kabayan
ngajak balik kapamajikanana.
mitohana gogodeg.
isukna si kabayan dititah ngala kalap ku mitohana, tina sapuluh
kalapa, si kabayan bakal di buruhan kalapa sa hulu. si kabayan atoheun
pisan, terekel wae naek kana tangkal kalapa rek ngala kalapa nu kolot.
barang nepi ka luhur tuluy diuk sidengdang dina sela-sela dahan kalapa, teng wae ngalamun.
“buruh ngala kalapa rek di jual, ladangna di beulikeu kana endog
hayam, tuluy di pegarkeun, pek di ingu. hayamna beuki loba, endogna ge
rea deuih, endog di jual ka pasar, aing jadi bandar endog. tina ladang
endog aing rek meuli domba, domba oge ngareaan…. aing jadi bandar domba,
tina bati domba aing rek meuli munding… eh ketang moal, moal meuli
munding bisi ngaruksak sawah mitoha… ah rek meuli kuda wae. kudana kuda
balap.. kuda ustrali nu jangkung tea, aing jokina…plok..plok kudana di
lumpatkeun…”
bari ngalamun kitu teh si kabayan reurendeukan dina palupuh kalapa.
“kuda teh beuki tarik lumpatna… horseh kotoplak…kotoplak……” sikabayan
beuki motah wae diukna dina palapah kalapa, tepi ka palapah teh
pepelenoyan. kulantaran motah teung palapah teh potong, sikabayan
ngoleang kabawa ku palapah kalapa. gebrus wae ka balong. untungna kalapa
teh sisi balong, si kabayan pipina bared keuna regang awi, sukuna
tipalitek, untung teu maot oge.
ti harita sibayana kapokeun deui ngalamun dina tangkal kalapa…..
sumber : http://dediependi.wordpress.com/2007/05/03/si-kabayan-ngalamun/
0 komentar to "Si kabayan ngalamun"





Post a Comment