Contoh Sambutan Bahasa Sunda


Assalamualaikum. Wr. Wb
Bismilahhirohmanirrohim, alhamdulillahirobbil alamin,
Puji sinareng syukur urang sami-sami panjatkeun ka illahi rabbi, anu parantos maparin nikmat sareng hidayahna ka urang sadayana, shalawat sinareng salam mugia dilimpahkn ka junjunan alam kanjeng nabi muhammad saw, kulawargi katut para sahabatna, nu mudah-mudahan akhirna dugi kaurang sadaya salaku umatna.
Bapak kepala sekolah anu ku sim kuring dipihormat, Bapak ibu guru anu kusimkuring dipihormat, Para tamu undangan anu ku sim kuring di pihormat, teu hilap ka  para wargi anu sami hadir di ieu patempatan anu ku sim kuring dipihormat, mugia sayana kengeng kamulyaan nu sasae-saena mungguh allah SWT.
Langkung tipayun simkuring neda dihapunten tina samudaya kalepatan sareng kumawantunna simkuring nyarios di ieu patempatan. Hapunten sateuacanna bilih aya ucap sareng lampah simkuring nu teu sapagodos sareng kahoyong sadayana. Bilih aya cariosan nu kirang mernah margi sim kuring sanes ahli bahasa.
Bapak-bapak, ibu-ibu anu di mulyakeun ku allah, simkuring ngadeg di ieu patempatan seja ngadugikan sababrupi hal ngeunaan lumangsungna ieu acara. Sapertos kauninga ku sadayana, ieu acara teu acan tangtos tiasa lumangsung saupami tanpa aya perencanaan sareng dukungan tisadayana. Kumargi eta dina waktos nu mulya ieu sim kuring seja ngadugikeun “laporan pertanggung jawaban” sim kuring salaku panitia penyelenggara maulid nabi besar Muhammad SAW.
Bapak-bapak, ibu-ibu nu dipihormat, acara maulid nabi besar Muhammad SAW tiasa janten terselenggara kalayan sukses berkat dukungan ti sadayana boh moriil atanapi materilna. Peryogi kauninga ku sadayana acara ieu nyeepkeun biayana nu cukup ageung diantawisna,
A.      Biaya sound system                        Rp. 200.000
B.      Dekorasi                                              Rp. 100.000
C.      Transportasi                                       Rp. 50.000
D.      Mubaligh                                             Rp. 300.000
E.       Konsumsi                                            Rp. 350.000
F.       Administrasi                                       Rp. 100.000
G.     Lain lain                                                Rp. 200.000  +
Jumlah                                                  Rp. 1.300.000
Samentawis dana nu tiasa dikumpulkn kanggo nutupan kaperyogian tadi nyaeta ti :
A.      Iuran siswa                                                 Rp. 500.000
B.      Bantuan kepala sekolah                        Rp. 200.000
C.      Bantuan dewan guru                              Rp. 300.000
D.      Para donatur                                              Rp. 300.000   +
Jumlah                                                          Rp. 1.400.000


Syukur alhamdulillah sim kuring muji ka illahhirobbi tina rahmat nu dipasihkeun ku mantenna.
Jalaran ti eta, atas nami ketua panitia penyenggaraan maulid nabi besar Muhammad SAW, sim kuring ngahaturkn nuhun tina sagala rupi kasaean ti bapak-bapak, ibu-ibu nu teu tiasa disebatan namina sewang-sewangan. Mugia Allah SWT masihan berkah sareng rohmat ka sadayana.
Rupina sakadar laporan ti sim kuring dicekapkeun sakieu, bobo sapanon carang sapapan langkung saur bahe carek, boh bilih aya kecap nu teu kaungang-ungang kalimat anu teu mernah, mugia bapak sinareng ibu tiasa ngahapunten.

Wa Billahi taufik wal hidayah, Wasssalamu alaikum Wr. Wb.



0 komentar to "Contoh Sambutan Bahasa Sunda"

Post a Comment

close
close

Fans Page

Followers

Blog Archive